KANGGO SALIRA.
"Tong teuing janten sungkawa, teu kedah ngiring tunggara, sabab lalakon urang tos beda carita, sagala kalangkang tresna anu leubeut kembangna, tos muguran marurag kantun rangrangna, harewos asih nu ngageberan mangsa keur tibra, geter asmara anu sumarambah jeroeun dada, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, ukur nyesakeun sakeprul lebu katunggaraan dina amparan hate anu renghek urut ka huru".