Bah Mansur, urang lembur Babakan Haur, ngadak-ngadak jadi bahan obrolan salelembur, anu tadina tara loba catur, kiwari kawas anu boga bisul dina tuur, garawak gorowok dinu loba batur, ngomong balakacanur. Gedé haté rék meunang duit anu kacida lobana, beurang peuting guling gasahan teu ngeunah cicing, sagala kapikiran. Imah rék nyieun anu agréng, mobil rék meuli anu pangalusna, pamajikan rék néangan deui anu leuwih geulis, anu leuwih bahénol, da puguh hayang nyandung ti baheula.